Abon

Abon sapi

Abon nyaéta salah sahiji kadaharan has Indonésia.[1] Abon mangrupa kadaharan nu bahan dasarna tina daging.[2] Abon biasana warnana semu coklat atawa coklat kolot.[1] Abon téh saperti serat daging, ku sabab abon dijieunna tina daging nu digaringkeun.[1][2] ku sabab abon mah garing, jadi awét nepi ka mangbulan-bulan gé mun disimpen diwadah nu rékép mah.[1] Salian ti bahan dasarna daging, aya ogé nu bahan dasarna téh tina daging hayam, domba, babi, jeung lauk, saperti lauk lélé, tuna, jeung belut.[1] Aya ogé abon tina daging munding, tapi kiwari mah geus jarang, ku sabab daging munding téh kiwari mah langka dipasaran.[1] Abon biasana dipaké keur deungeun sangu, palengkep bubur, eusian lemper atawa pastel.[1][3]

Di Indonésia, daérah nu sok nyieunan abon sapi téh biasana mah di Boyolali, Solo, Salatiga, jeung sabudeureunana.[1] Sadengkeun abon babi mah biasana diproduksi di Bali, abon tina bahan dasar lauk biasana diproduksi di wewengkon nu deukeut ka laut atawa basisir, saperti Makassar, jeung Pangandaran.[1] Biasana abon téh dijual ditempat oleh-oleh.[1]

  1. a b c d e f g h i j "Abon Makanan Yang Sangat Khas Indonésia - Kuliner Indonesia" (dalam bahasa en-US). Kuliner Indonesia. 2014-02-28. http://kulinerindonesia.info/2014/02/abon-makanan-yang-sangat-khas-indonesia/. Diakses pada 2017-10-16  Archived 2017-07-08 di Wayback Machine
  2. a b Repository USU.Abon[tumbu nonaktif] Diaksés ping 16 Oktober 2017.
  3. Danadibrata, R.A (2006). Kamus Basa Sunda. Bandung: PT Kiblat Buku Utama. p. 2. ISBN 9793631937. Diakses tanggal (disungsi) 13 Des 2020. 

From Wikipedia, the free encyclopedia · View on Wikipedia

Developed by Nelliwinne