Ada Band

Ada Band kawentar band anu sok gunta ganti anggota.[1] Band nu mimitina ngaranna B to 90’s éta mimitina téh Dika (bas), Baim (vokal dan gitar), Herry (kibor), Iso Eddy (kibor), jeung Eel (drum).[1] Nalika ngaranna masih B to 90’s Herry kaluar jeung ngabentuk Kin Band. Posisina digantikeun Krishna.[1] Album kahiji jeung kadua mawakeun nagaran anyar nyaéta Ada Band. Tereh album ke-3, Ada Band teu kompak.[1] Iso jeung Eel kaluar.[1] Iso kaluar sabab teu bisa ngabagi waktu jeung kasibukan nu séjénna.[1] Sedengkeun Eel sabab teu sapamikiran deui.[1] Eel digantikeun Rama.[1] Terus anu pangkawentarna nalika Ada Band ditinggalkeun panyanyina, Baim nu milihg solo karir.[1] Ada Band terus mawa panyanyi anyar, Donnie Sibarani.[1] Panyanyi anyar ieu alus malahan ngajadikeun beuki caang, Donnie leuwih dipikaresep ku awewe.[1] Di album ka-8, Harmonius (2008) Ada Band ditinggalkeun ku Krishna. Tangtuna waé, ngan Dika anu terus aya ti mimiti jeung Ada Band.[1] Ada band tungtungna milih judul Héaven of Love minangka judul album anyarna.[2] Pilihan ieu ditetepkeun sabab numutkeun anjeunna sawarga (héaven) téh panyampurnaan anu pangjangkungna tina hiji prosés kacintaan anu dipimilik.[2]

  1. a b c d e f g h i j k l http://www.tabloidbintang.com/extra/top-list/2585-10-band-retak-dan-pecah-paling-fenomenal.html (id) (diakses ping 13 Nopember 2011)
  2. a b http://www.tabloidbintang.com/extra/top-list/2585-10-band-retak-dan-pecah-paling-fenomenal. (id) (diakses ping 13 Nopember 2011)

From Wikipedia, the free encyclopedia · View on Wikipedia

Developed by Nelliwinne