Arzia Dahar atawa leuwih dipikawanoh kalayan ngaran Ade Irawan (gumelar di Padang, Sumatera Kulon, 05 April 1937 – tilar dunya di Jakarta, DKI Jakarta, 17 Januari 2020 dina umur 82 taun) nyaéta saurang artis geulis anu kaasup artis senior ku sabab geus maén pilem jeung sinétron ti taun 1964 - 2013. Mimitina di taun 1964 anjeuna ngan saukur jadi pamaén tambahan dina pilem Diambang Fadjar ku sabab kaparigelan dina ékting alus anjeuna bisa kapeto jadi pamaén utama dinu pilem Tjinta Di Udjung Tahun di taun 1965. Ti dinya Ade Irawan beuki kasohor sabab akting dina pilem jeung sinétron[1].