Aktor ὑποκριτής (hypokrites), harti harfiahna nyaéta "jalma anu nafsirkeun";[1] Disawang tina terminologi, aktor (aktris sebutan keur awéwé) nyaéta jalma anu midangkeun salah sahiji karakter atawa sipat (perbawa) jalma séjén dina produksi dramatis atawa komik; sok dipidangkeun ogé dina film, tipi, téater,radio, iklan atawa ogé video musik.[2][3]
Akting (nyandiwara) nyaéta hiji tarékah saurang aktor ngalampahkeun sipat atawa parbawa salah saurang anu arék dipintonkeun ku jalan nginget-nginget émosi atawa réaksi jeung laku lampah dina kahirupana. Akting présentasi ngajujut hubungan aktor jeung anu lalajona, boh dina pamakéan bahasana, pamintonan, gerak gerik atawa tanda-tanda séjén anu mertélakeun yén karakter atawa aktor nyaho yén manéhna keur dilalajoan. Sajeroeun pintonan akting, "aktor usaha sabisa-bisa sangkan anu lalajo percaya kana perbawana; sanajan manéhna api-api" [4]