Alkaloid

Wangun kimia éfédrin, hiji alkaloid fénétilamin

Alkaloid nyaéta sanyawa kimia alami nu ngandung atom nitrogén basa[1]. Ieu ngaran dicokot tina kecap alkali nu nujul ka sakabéh basa anu ngandung nitrogén. Alkaloid dihasilkeun ku rupa-rupa organismeu, kaasup baktéri, fungi, tutuwuhan, jeung sasatoan salaku métabolit sékundér (alkaloid ti hiji organismeu bisa jadi racun pikeun séjén organismeu). Alkaloid ilaharna bisa dimurnikeun tina ékstrak kasar ku cara ékstraksi asam-basa. Aya sababaraha alkaloid anu boga pangaruh farmakologis, ku kituna sok dipaké pikeun natambaan kasakit, obat rékréasional, atawa pikeun ritual kaagamaan/éntéogénik. Pikeun conto nyaéta kokain pikeun anéstétik lokal jeung stimulan, kaféin jeung nikotin salaku stimulan, morfin salaku analgésik, atawa kuinin pikeun ubar antimalaria.

  1. IUPAC (1995). "alkaloids". Compendium of Chemical Terminology édisi Internét.

From Wikipedia, the free encyclopedia · View on Wikipedia

Developed by Nelliwinne