Alun-alun nyaéta palataran atawa lapangan anu lega tur negrak/terbuka, dikurilingan ku jalan bisa dipaké pikeun ngayakeun hiji kagiatan atawa gempungan.[1] Numutkeun Van Romondt (Haryoto, 1986:386), alun-alun téh mangrupa buruan imah ngan ukurana leuwih lega. Baheula jalma anu kumawasa : Raja, Bupati, Wadana jeung Camat malahanmah lurah buruan imahna mibanda buruan lega di hareupeun pendopona[2], maksudna pikeun tempat ngalaksanakeun kagiatan masarakat dina urusan pamaréntahan, militér, dagang, pendidikan jeung sajabana. Leuwih jauh Thomas Nix (1949:105-114) mertélakeun cenah alun-alun mangrupa palataran anu negrak tur mibanda jarak anu tangtu jeung wangunan anu aya disabudeureuna. Jadi ayana wangunan paragi liliwatan ka alun-alun mangrupa ciri mandiri palataran anu disebut alun-alun.[3]. ku lantaran tagalan/lapangan anu negrak diantep kitu waé éta henteu kaasup alun-alun, Alun-alun bisa waé ayana di Désa, Kacamatan, Kabupatén, jeung puseur Kota.