Amien Rais (gumelar di Solo, 26 April 1944; umur 80 taun[1]) nyaéta salah saurang inohong pulitik Indonésia anu kawentar ku wawanénna dina kajadian nangtukeun jabatan présidén dina Sidang Umum MPR taun 1999 jeung Sidang Istiméwa taun 2001 nikakeun meunang jujuluk King Maker.[2] Amien Rais ogé nu ngadegkeun Partéy Amanat Nasional tur jadi pupuhu umumna nepika taun 2004.[1] Anjeunna ogé pernah ngajabat jadi pupuhu umum pingpinan puseur Muhammadiyah ti taun 1995 nepika taun 1998.[1]