Amonia nyaéta gas anu teu boga warna jeung bau anu sengit pisan.[1] Lamun loba teuing nyeuseup gas amonia éta, mangka urang bisa pati.[1] Amonia nampa ngaranna ti hiji pamanggihan persenyawaan nu tangtu, nyaéta amonia klorida deukeut kuil Jupiter Ammon di Mesir.[1] Jelema anu mimiti nyieun gas amonia murni nyaéta Joseph Priestley, saurang ahli kimia Inggris.[1] Manéhna ngahasilkeun gas éta dina taun 1774 sarta nyebutkeunana kalawan ngaran gas alkalin.[1] Gejala amonia bisa dipanggihan dina hawa, anu asalna ti sésa-sésa kokotor sato sarta prosés burukna pepelakan-pepelakan.[1] Sakapeung dina jumlah leutik aya dina cai hujan.[1] Tapi lolobana bahan amoniak anu dijual-beulikeun jelema nyaéta hasil jieunan atawa imitasi.[1]