Anomali rata-rata

Dina mékanika banda langit, anomali rata-rata nyaéta paraméter posisi jeung waktu hiji banda nu lumaju di orbit Képler. Ieu anomali dumasar kana fakta yén wewengkon nu sarua begag kasapu di fokus dina interval waktu nu sarua.

Anomali rata-rata sarua ningkat ti 0 radian jadi radian salila unggal orbit. Tetep wé anomali mah lain juru. Lantaran hukum kadua Képler, anomali rata-rata miwatek proporsional kana wewengkon mu kasapu ku gurat fokus-ka-badan ti periapsis panungtung.

Anomali rata-rata biasana ditandaan ku hurup , jeung dinyatakeun dina rumus:

n nyaéta gerakan rata-rata, a nyaéta panjang sumbu semi-mayor orbit, sarta m nyaéta massa nu ngorbit, jeung G nyaéta konstanta gravitasi.

Anomali rata-rata nyaéta waktu saprak periapsis panungtung dikali gerakan rata-rata, jeung gerakan rata-rata gedéna dibagi ku lila waktu orbit pinuh.

Anomali rata-rata nyaéta hiji ti tilu paraméter juru ("anomali") nu netepkeun posisi di sapanjang orbit; dua lianna nyaéta anomali ékséntrik jeung anomali sajati. Mun anomali rata-rata geus dipikanyaho, ieu anomali bisa diitung kalawan nambahkeun (atawa ngurangan) nu mana hartina pabédaan waktu. Anomali lian ogé bisa diitung.


From Wikipedia, the free encyclopedia · View on Wikipedia

Developed by Nelliwinne