Arecaceae | |
---|---|
Kulawarga palem | |
Klasifikasi ilmiah | |
Karajaan: | |
Divisi: | |
Kelas: | |
Ordo: | |
Kulawarga: | Arecaceae
|
Arecacéae nyaéta salah sahiji kulawarga tutuwuhan nu aya dina kelompok utama angiospermae (tutuwuhan kembangan).[1] Suku (famili) Arecacéae atawa séké pinang-pinangan (palem) nyaéta kelompok tutuwuhan nu biasa disebut palma atawa palem.[2] Family Acecacéae nyaéta kelompok gedé nu diwangun ku antara 2.500 spésiés arboréal nu bisa dipanggihan di sakabéh wilayah khatulistiwa, daérah tropis jeung subtropis di sakuliah dunya.[3] Wilayah géografis utama nu méré peran jadi pusat karageman ieu tutuwuhan nyaéta pantéy khatulistiwa Afrika, wewengkon Indonésia, pulo sunda, Oséania, pantéy Brasil, Amazonia, jeung Antillen.[3] Geus salila périodeu Cretaceous yén ieu kelompok miboga difusi jeung diférensiasi panggedéna, nu ninggalkeun sababaraha sésa-sésa fosil tina dahan jeung daun.[3]