Basa Jawa (Basa Jawa, Båså Jåwå, Basa Jawi) | |
---|---|
Dipaké di: | Jawa (Indonésia), Suriname, Malaysia, Kalédonia Anyar |
Wewengkon: | Jawa |
Jumlah pamaké: | 80 –100 |
Urutan ka: | 11 |
Klasifikasi rungkun basa: | Austronésia Melayu-Polinésia |
Status resmi | |
Basa resmi di: | Hindia Walanda (nepi ka 1942) |
Diatur ku: | |
Sandi basa | |
ISO 639-1 | jv |
ISO 639-2 | jav |
ISO 639-3 | |
SIL | JAN, JAS, JVS, OS, TES |
Tempo ogé: Basa - Daptar basa |
Basa Jawa kagolong kana basa Austronesia, nyaéta basa-basa nu dipaké ku bangsa pribumi di kapuloan di beulah kidul-wétaneun buana Asia. Basa Jawa sumebar ti mulai pucuk kulon pulo Jawa, Banten nepi ka pucuk wétan Banyuwangi. Lian ti éta, basa ieu sumebar ogé di Walanda, Suriname, Curacao jeung Kalédonia Anyar. Sajaba ti éta Basa Jawa ogé dikedalkeun di Malaysia, Sumatra nepi ka Irian Jaya.
Basa Jawa mangrupa kontributor panggedéna keur tuwuhna basa Indonésia. Sanajan lain basa resmi pamaréntahan, kadang-kadang istilah-istilah jeung kosakecapna dicokot tina basa Jawa.