Basa Jepang (日本語 Nihongo') | |
---|---|
Dipaké di: | Jepang, Brazil, Amérika Serikat (utamana Hawaii), Guam, Péru, Kapuloan Marshall, Palau, Taiwan, Australia |
Wewengkon: | Asia Wétan, Oséania |
Jumlah pamaké: | 127 yuta [1] |
Urutan ka: | 9 |
Klasifikasi rungkun basa: | Henteu diklasifikasikeun |
Status resmi | |
Basa resmi di: | Angaur (Palau) De facto di Jepang |
Diatur ku: | Pamaréntah Jepang |
Sandi basa | |
ISO 639-1 | ja |
ISO 639-2 | jpn |
ISO 639-3 | jpn |
SIL | JPN |
Tempo ogé: Basa - Daptar basa |
Basa Jepang (日本語, Nihongo ) digunakeun ku leuwih ti 127 milyar jalma, mangrupa basa utama di Jepang, salian ti éta dipaké ogé ku komunitas imigrant Jepang di sakuliah dunya. Basa Jepang dianggap salaku basa persatuan sarta kawentar ku sistem honorifik kompleks nu ngagambarkeun hirarki alami kahirupan Jepang, kecap gawe sarta susunan kalimahna nembongkeun hubungan antara nu ngobrol jeung nu diajak ngobrol. Intonasi dina ngobrol relatif leutik, sarta mibanda sistem béda-leksikal dina pitch accent. Hal ieu dumasar kana rekaman kajadian ti mimiti abad kadalapan, nu mana aya tilu pola Basa Jepang heubeul nu digabungkeun.
Basa Jepang ditulis ku tilu jenis huruf anu béda nyaéta: tulisan Cina (disebut kanji), sarta dua skrip syllabic, hiragana jeung katakana. Hurup Latin (disebut rōmaji) ogé dipaké dina Basa Jepang modérn, hususna keur ngaran parusahaan, iklan, sarta lamun ngasupkeun data Basa Jepang dina komputer. Angka Arab ilahar dipaké keur nulis nomer, sanajan kitu angka tradisional China/Jepang ogé ilahar dipaké.
Kosa kata Basa Jepang meunang pangaruh nu kuat ku injeuman tina basa séjén. The Japanese vocabulary has been héavily influenced by loans from other languages. Loba kecap dina Basa Jepang mangrupa kecap injeuman tina Basa Cina, atawa dijieun tina molde Basa Cina, leuwih ti 1,500 taun kaliwat. Mimiti ahir abad kasalapanbelas, Basa Jepang maké kecap injeuman ti basa daerah kulon, utamana Basa Inggris.