Basa Yunani

Basa Yunani (Ελληνικά Ellinika)
Dipaké di: Yunani, Siprus, ogé komunitas di Amérika Serikat, Kanada, Australia, Jerman, Turki, Albania, Georgia, Italia jeung Mesir.
Wewengkon: Indo-Eropa, wétaneun Méditerania
Jumlah pamaké: 15 yuta
Urutan ka: 74
Klasifikasi rungkun basa: Indo-Eropa
Status resmi
Basa resmi di: Yunani, Siprus, Uni Eropa jeung minoritas basa di Italia jeung Albania.
Diatur ku: teu aya nu ngatur resmi
Sandi basa
ISO 639-1 el
ISO 639-2 gre
ISO 639-3 ell
SIL GRK
Tempo ogé: Basa - Daptar basa

Basa Yunani (Ελληνικά, IPA [e̞ˌliniˈka] — "Hellenic") nyaéta salah sahiji basa Indo-Éropa kalayan sajarah anu geus didokuméntasikeun 3.500 taun lilana, panglilana dina kulawarga Indo-Éropa mah. Basa ieu ogé mangrupa basa anu panglawasna jadi bukti dina basa Indo-Éropa lamun seug basa Anatoli teu kaasup. Kiwari, ieu basa dikecapkeun ku kurang leuwih 15 yuta urang di Yunani, Siprus, Albania, Bulgaria, Makédonia Kalér, Italia jeung Turki. Ogé aya loba komunitas émigran urang Yunani nu sumebar di sakuliah dunya, saperti di Melbourne, Australia — nu mibanda populasi urang Yunani urban kaopat panglobana di dunya, sanggeus Athena, Thessaloniki jeung Nicosia.

Basa Yunani geus ditulis dina alpabét Yunani (nu munggaran ngawanohkeun vokal) ti mimiti abad 19 SM di Yunani (saméméhna di Linear B), jeung abad 4 SM di Siprus (saméméhna di Cypriot syllabary). Lieratur Yunani miboga sajarah nu geus lumangsung ampir 3000 taun.


From Wikipedia, the free encyclopedia · View on Wikipedia

Developed by Nelliwinne