Baso

baso

Baso mangrupa angeun nu dibukuran emih atawa mihun maké daging baruleud sagedé-gedé kaléci[1]. Baso téh asalna ti Tiongkok.[1] Baso miboga bahan dasar daging nu dicincang tuluy dicampurkeun jeung aci.[2] Biasana dipidangkeun maké saos, kécap, jeung sambel.[3] Baso téh mangrupa salah sahiji kadaharan nu ngandung protein.[2] Baso dipikaresep pisan ku balaréa, utamana mah ku awéwé, ku sabab baso nu maké saos, sambel jeung kécap kacida segerna.[3] Baso biasana dijual maké gorobag surung atawa aya ogé ditempat nu matuh.[3] Hargana kahontal ku balaréa, ku sabab kitu baso téh geus jadi kadaharan sapopoé masarakat Indonésia.[3]

  1. a b Danadibrata, R.A. (2006). Kamus Basa Sunda R.A. Danadibrata. Bandung: Kiblat Buku Utama. p. 69. ISBN 9793631937. 
  2. a b Repository UGM. Bakso Diaksés ping 16 Oktober 2017.
  3. a b c d "resepmasakanindonesia.info -  Resources and Information.". resepmasakanindonesia.info. Diakses tanggal 2017-10-16.  Archived 2016-07-09 di Wayback Machine

From Wikipedia, the free encyclopedia · View on Wikipedia

Developed by Nelliwinne