Batagor nyaéta wancahan tina baso tahu goréng, kadaharan has Bandung, Jawa Kulon anu bahan utamana nyaéta lauk tanggiri nu dicampur jeung aci atawa tipung sagu, biasana dijual di roda sisi jalan atawa nguriling ka kampung-kampung.[1][2] Malahan mah kiwari loba ogé nu jualanan ditempat matuh, saperti kios atawa kafe.[2] Pohara nikmatna disajikeun kalayan maké sambel anu bahan dasarna suuk goréng.[1] Batagor téh dipikaresep pisan ku balaréa, salian ti rasana nu ngeunah, hargana ogé murah, bisa kabeuli ku masarakat.[2] Batagor téh kiwari geus sumebar lain ngan di Bandung wungkul, tapi ogé disakuliah daérah Jawa Kulon, Jakarta,jsb.[2]