Bayah bagian eusi awak jelema anu gawéna pikeun milu ngabersihan getih jero jajantung jeung ayana di jero dada, hawa nu diseuseup ku urang asupna ka jero sarta dikaluarkeunana ogé ti dinya, sok disebut gagambos atwa kakapes.[1] perenahna aya dina jero rongga dada manusa sabelah katuhu jeung kénca anu dibulen ku tulang rusuk.[2] Bayah ngawengku dua bagéan nyaéta bayah beulah katuhu anu miboga tilu gelambir jeung bayah kénca anu miboga dua gelambir.[2] Sabenerna bayah téh mangrupa kumpulan gelembung alveolus anu mungkus ku selaput anu disebut selaput pleura.[2]