Biografi

Biografi (bio: hirup; grafi:tulisan) nyaéta carita atawa katerangan anu sipatna non-fiksi ngeunaan kahirupan hiji jalma, boh anu hirup kénéh boh anu geus maot[1][2]. Dina biografi kawengku rupa-rupa informasi anu jéntré tur lengkep.[rujukan?] Dina tulisan biografi henteu ngan saukur aya idéntitas, tapi leuwih nyosok jero kana sakabéh aspék kahirupan tokoh, ti mimiti lahir nepi ka kaayaan panganyarna.[rujukan?] Biasana tulisan biografi ngamuat kahirupan tokoh anu dianggap penting ku hiji komunitas/masarakat.[rujukan?]

  1. Tim Penyusun. (2014). Pamekar Diajar Basa Sunda Pikeun Murid SMA/MA Kelas X. Bandung: Disprov Jabar.
  2. Britannica (diaksés tanggal 8 Juli 2015)

From Wikipedia, the free encyclopedia · View on Wikipedia

Developed by Nelliwinne