Botani nyaéta panalungtikan ilmiah ngeunaan kahirupan tutuwuhan. Minangka cabang biologi, botani disebut ogé minangka élmu tutuwuhan atawa biologi tutuwuhan. Botani ngawengku ambahan nu lega dina widang disiplin élmu nu ngalakukeun panalungtikan ngeunaan struktur, tuwuhna, réproduksi, métabolisme, kamekaran, panyakit, ékologi, jeung évolusi tutuwuhan