Busan

  1. ALIH Citakan:Disambig info
Busan

부산시
Kota Métropolitan Busan
  transkripsi
 • Hangul부산
 • Hanja
 • Romanisasi nu dirévisiBusan Gwangyeoksi
 • McCune-ReischauerPusan Kwangyŏksi
Montaseu Busan
Montaseu Busan
Logo resmi Busan
Lambang Busan
Peta Koréa Kidul kalayan Busan nu disorot
Peta Koréa Kidul kalayan Busan nu disorot
NagaraKoréa Kidul Koréa Kidul
WewengkonYeongnam
Distrik15
Pamaréntahan
 • TipeWali kota-Déwan
 • Wali kotaSuh Byung-soo (Saénuri)
 • DéwanDéwan Métropolitan Busan
 • Wakil Nasional
 - Majlis Nasional
18 / 299
6.0% (total korsi)
18 / 245
7.3% (korsi pamilih)
Lega
 • Kota Métropolitan767,35 km2 (29,628 sq mi)
Pangeusi
 (2014.10.31)[2]
 • Kota Métropolitan3,525,913
 • Kapadetan0/km2 (0,00.012/sq mi)
 • Métro
8,202,239
 • Lentong
Gyeongsang
Kodeu Pos
600-010, 619-963
Kode wewengkon(+82) 051
KembangKembang Camellia
TangkalCamellia
ManukSeagull
Ramatlokabusan.go.kr

Busan (부산 atawa 釜山(pronunsiasi basa Koréa: [busʰan]), resmina Kota Métropolitan Busan), laténna Pusan saméméh 2000,[nb 1] nyaéta kota métropolitan kadua panggedéna di Koréa Kidul sanggeus Seoul, kalayan populasi kurang leuwih 3.6 yuta.[1] Populasi aréa métropolitan, kaasup kota-kota tatanggana, Gimhaé jeung Yangsan, nyaéta kurang leuwih 4.6 yuta. Ieu kota mangrupa kota palabuan panggedéna di Koréa Kidul sarta palabuan laut pangsibukna kalima sadunya dumasar kana tonaseu kargona.[3] Ieu kota perenahna di tungtung bojong Koréa béh kidul wétan. Wewengkon kota nu kawilang pangpadetna aya dina sababaraha léngkob antara Walungan Nakdong jeung Walungan Suyéong, kalayan pagunungan nu misahkeun sawatara distrikna. Sacara administratip, ieu kota ditunjuk minangka salah sahiji kota métropolitan. Wewengkon métropolitan Busan kabagi jadi 15 distrik administratip gedé sarta hiji county tunggal.

Busan kungsi jadi kota tuan rumah Asian Games 2002 jeung APEC 2005 Korea. Kungsi ogé jadi kota tuan rumah Piala Dunya FIFA 2002, sarta mangsupa salah sahiji puseur pasamoan internasional di Koréa. Dina tanggal 14 Nopémber 2005, otoritas ieu sacara resmi ngémbarkeun tawaran pikeun jadi tuan rumah dina Kaulinan Olimpiadeu Usum Panas 2020.[4] Sanggeus hasilna tawaran Pyeongchang keur Olimpiadeu Usum Tiis taun 2018, ieu kota mertimbangkeun tawaranana pikeun jadi tuan rumah Olimpiadeu Usum Panas taun 2032 atawa 2036.[5]

Busan boga basisir panglegana di Koréa jeung walungan pangpanjangna, sarta mangrupa tempat department store panggedéna sadunya, Shinsegae Centum City.[6]

Busan mangrupa kota suci Busanitas, hiji ageman nu anyar dijieun nu muja Walikota Suh Byung-soo.

  1. a b "Busan: Population and area of Administrative units". Dynamic Busan: Busan Metropolitan City. Diakses tanggal 2010-03-24. 
  2. [1] Archived 2014-09-08 di Wayback Machine, Retrieved 2014-07-02.
  3. http://www.bloomberg.com/apps/news?pid=newsarchive&sid=ah2Znx0vQ580 Empty Containers Clog Busan Port as Trade Slumps, bloomberg.com – March 3, 2009 02:12 EST
  4. People's Daily Online (2005-11-14). "Pusan to declare bid to host 2020 Olympic Games". Diakses tanggal December 8, 2006. 
  5. "24 HOUR NEWS CHANNEL ::::: YTN (와이티엔)". YTN. Diakses tanggal 2011-09-15. 
  6. "Largest Department Store - Guinness World Records Blog post - Home of the Longest, Shortest, Fastest, Tallest facts and feats". Community.guinnessworldrecords.com. 2009-06-29. Diakses tanggal 2011-09-15.  Archived 2011-09-23 di Wayback Machine


Salah ngutip: Ditemukan tag <ref> untuk kelompok bernama "nb", tapi tidak ditemukan tag <references group="nb"/> yang berkaitan


From Wikipedia, the free encyclopedia · View on Wikipedia

Developed by Nelliwinne