Cangkok nyaéta salah sahiji cara pikeun ngembangbiakeun tutuwuhan ku cara melak babagian catang na nu diusahakeun akaran heula, saméméh diteukteuk tuluy dipelak dina taneuh.[1][2] Tuwuhan nu bisa dicangkok ngan ukur tutuwuhan dikotil jeung tuwuhan biji terbuka.[2] Cara ngembangbiakeun ku cara nyangkok kawilang hadé, komo saupama dipaké pikeun bungbuahan.[2] Rasa jeung wangun buah nu dihasilkeun ku cara dicangkok mah biasana bakal sarua percis jeung indukna, béda jeung lamun dipelakna ku cara melak kawas biasana, nyaéta melak maké sikina.[2]