Rupa-rupa Caturangga |
---|
Kecap caturangga robahan tina katuranggan, asalna tina turangga hartina kuda.[1] Caturangga bisa dihartikeun kaweruh paranti mikanyaho tanda-tanda kuda, hadé henteuna pikeun diingu.[1] ka dieunakeun aya sawatara anggapan, caturangga téh dihartikeun ogé pikeun nganyahokeun hadé goréngna hayam adu, puyuh, atawa purukutut. Samalah aya istilah caturangga repok, nyaéta itungan dina hiji jodo ku jalan ngajumlahkeun pangaji aksara mimiti jeung aksara tungtung keur leutik ti dua pihakanana (awéwé jeung lalaki), hasil panganggeusanana sok nincak dina salah sahiji di antara lima:
Anu dimaksud caturangga di dieu, nyaéta kecap atawa ngaran tanda-tanda anu aya dina waruga kuda. Nurutkeun kapercayaan masarakat, éta tanda-tanda téh mibanda watek anu tangtu. Aya sababaraha watek kuda, di antarana: