Cau kepok

Cau kepok saturuy

Cau kepok (Musa acuminata balbisiana cultivars (BBBc)) nyaéta cau anu asalna tina spésiés: Musa balbisiana, Genom Triploid BBB (cooking).[1] Cau kepok kaasup kana Musa paradisiaca forma typica (plantain) taya lian cau anu bisa didahar anu saméméhna kudu diasakan heula, bisa digoréng, diseupan, dikulub, dibubuy, jeung sajabana.[2]

Di sababaraha nagara cau kepok disebut ogé : Saba (Philipina) ; Pisang nipah (Malaysia) ; Kluain Hin (Thailand) ; saba (Vietnam).[1] Cau kepok aya sababaraha rupa: Kepok bodas, kepok konéng, kepok siem, jeung kepok saba.[3]

Cau kepok anu ilahar dijual di pasar aya dua rupa: cau kepok bodas jeung cau kepok konéng.[4] Cau kepok bodas cauna rada heuras jeung henteu pati seungit, kulitna leuwih kandel tibadan cau kepok konéng.[4] Saturuy cau kepok beuratna kurang leuwih 14–22 kg, dina saturuy aya 10 nepi ka 16 sikat, unggal sikatna mibanda kurang leuwih 20 cau.[4]

  1. a b Valmayor, R.V; S.H. Jamaluddin, B.Silayoi, S. Kusumo, L.D. Danh, O.C. Pascua, R.R.C. Espino (1994). Banana cultivar names and synonyms in Southeast Asia. Philipina: Inibap-Aspnet. ISBN 971-91751-2-5. 
  2. Dalimartha, Setiawan (2008). Atlas tumbuhan obat Indonesia, Volume 3. Jakarta: Niaga Swadaya. ISBN 979-3235-73-x Check |isbn= value (bantuan). 
  3. Rukmana, MBA.,M.Sc, Ir. H. Rahmat (2001). TTG.AnekaOlahanLimbah,Tnm.Pisang. Yogyakarta: Kanisius. ISBN 978-979-672-617-2. 
  4. a b c Redaksi AgroMedia, Eric (2009). Buku Pintar: Budi Daya Tanaman Buah Unggul Indonesia. Jakarta: Agro media pustaka. ISBN 979-006-220-6. 

From Wikipedia, the free encyclopedia · View on Wikipedia

Developed by Nelliwinne