Daur karbon

Diagram daur karbon. Angka hideung nunjukkeun jumlah karbon anu disimpen (milyar ton, "GtC" wancahan tina GigaTons of Carbon; gambar taun 2004). Angka bungur nunjukkeun jumlah karbon nu pindah ti hiji reservior ka nu lianna per taun. Sédimén dina ieu diagram henteu ngawengku ~70 juta GtC batu jeung kerogén karbonat.

Daur atawa siklus karbon nujul ka daur biogéokimia silih tukeurna karbon di antara biosfir, géosfir, hidrosfir, jeung atmosfir Bumi. Ieu daur biasana dianggap salaku opat sumber utama karbon. Reserviorna nyaéta atmosfir, biosfir darat (biasana ngawengku sistem cidarat jeung bahan organik teu hirup sarupaning karbon taneuh), jaladri (nu ngawengku karbon anorganik puyar jeung biota laut), sarta sédimén (ngawengku suluh fosil). Gerak karbon taunan, silih tukeur karbon antarreservoir, lumangsung alatan ayana rupa-rupa kajadian kimiawi, fisik, géologis, jeung biologis. 'Balong' karbon pangbadagna nu deukeut ka beungeut Bumi aya di sagara, najan nu di sagara jero mah hésé silih tukeurna jeung atmosfir.

Anggaran karbon sajagat (global carbon budget) hartina kasaimbangan silih tukeur (asup jeung kaluar) karbon antara reservoir-reservoir atawa antara hiji jalur siklus. Uji anggaran karbon hiji balong atawa reservoir bisa ngukur naha éta balong téh sumber atawa pamiceunan karbon dioksida.


From Wikipedia, the free encyclopedia · View on Wikipedia

Developed by Nelliwinne