Dodol Garut

Dodol Garut

Dodol nyaéta jawadah nu liket jeung dalit pisan.[1] Dodol Garut mangrupa salah sahiji kadaharan tradisional sarta hiji komoditas nu bisa ngangkat ngaran Garut salaku kabupatén produsén dodol nu miboga kualitas luhung, alus sarta dodol nu dihasilkeun ogé kacida loba rupana.[2] Dodol garut ogé geus kasohor ka mana-mana lantaran rasana nu béda jeung dodol nu sarupa ti daérah lianna.[2] Industri dodol di Garut mimiti mekar ti taun 1926 ku Ibu Karsinah ngaliwatan prosésna nu kawilang basajan pisan nu satuluyna terus mekar nepi ka kiwari.[2] Hal éta alatan:

  1. mibanda rasa nu béda sarta miboga kaleuwihan dibandingkeun dodol ti daérah nu séjénna.
  2. Hargana murah bisa kahontal ku sakumna masarakat sarta mangrupa kadaharan nu kawilang dipikaresep ku masarakat.
  3. Cara nyieunna kawilang basajan sarta bahan-bahanna ogé gampang ditéanganana.
  4. Henteu ngagunakeun bahan pangawét jeung panambah kadaharan lian nu sipatna sintetis.
  5. mibanda kakuatan nu kawilang lila kurang leuwih 3 bulan.

Ieu komoditi gampang pikeun dimekarkeunana ku cara ngaréka bahan bakuna nyaéta ngamangfaatkeun bahan lain saperti waluh, kentang, kacang, gedang, ganas, sirsak jeung réa-réa deui.[2] Salian ti éta, pamaréntah daérah ogé milu ancrub dina pemasaran ngaliwatan paméran-paméran, ogé ngaropéa kualitas produk dodol nu geus dipasarkeun.[2]

  1. Danadibrata,R.A.2006.Kamus Basa Sunda.Bandung:Kiblat Kaca 173
  2. a b c d e Dodol Garut Archived 2011-09-25 di Wayback Machine (Diaksés tanggal 19 September 2011)

From Wikipedia, the free encyclopedia · View on Wikipedia

Developed by Nelliwinne