Fatmawati | |
---|---|
Saméméhna | Taya, jabatan anyar |
Sanggeusna | Siti Hartinah |
Katerangan lian | |
Gumelar | 5 Pébruari 1923 Bengkulu, Hindia Belanda |
Pupus | 14 Méi 1980 (yuswa 57) Kuala Lumpur, Malaysia |
Kabangsaan | Indonesia |
Pameget/istri | Soekarno (1943-1970) |
Murangkalih | Guntur Soekarnoputra Megawati Soekarnoputri Rachmawati Soekarnoputri Sukmawati Soekarnoputri Guruh Soekarnoputra |
Hj. Fatmawati (gumelar di Bengkulu, 5 Pébruari 1923 – tilar dunya di Kuala Lumpur, Malaysia, 14 Méi 1980 dina umur 57 taun) nyaéta pamajikan ka-3 Présidén Indonésia Soekarno. Manéhna jadi Ibu Nagara Indonésia ti taun 1945 nepi ka taun 1967 sarta indung présidén kalima, Megawati Soekarnoputri. Manéhna ogé dipikawanoh ku jasana ngaput Bandéra Pusaka Sang Saka Merah Putih anu dikibarkeun dina upacara Proklamasi Kamerdékaan Indonésia di Jakarta di tanggal 17 Agustus 1945.