Fiqih (الفقه) téh mangrupa basa Arab dina wangun mashdar (kecap dasar) anu fi'ilna (verbana) nyaéta فقه يفقه فقها. Kecap fiqih asalna boga harti العلم (pangaweruh) jeung الفهم (pamahaman).
Nurutkeun istilah anu dipaké ku para ahli fiqih (fuqaha)[1], fiqih nyaéta élmu anu ngajelaskeun hukum syariat Islam nu dicokot tina dalil-dalil anu jelas[1]. Nurutkeun Hasan Ahmad Al-Khatib[2] fiqhul Islam nyaéta kumpulan hukum syara', anu geus dipedar dina sagala rupa madhab, boh madhab anu opat atawa ti madhab séjénna, jeung nu dinukilkeun tina fatwa-fatwa sohabat tabi'in, ti fuqaha anu tujuh di Mekah, di Madinah, di Syam, di Mesir, di Iraq, di Basra jeung saterusna. Fuqaha anu tujuh éta nyaéta Sa'id Musayyab, Abu Bakar ibn Abdurrahman, 'Urwah bin Zubair, Solomon Yasar, Al-Qasim bin Muhammad, Charijah bin Zaid, sarta Ubaidillah Abdillah[2].