Fungisida

Fungisida mangrupa jinis péstisida nu husus maéhan atawa ngahambat fungi (cendawan) nu nyababkeun panyakit.[1] Fungisida bisa cair (panglobana dipaké), gas, butiran jeung bubuk.[1] Pausahaan panghasil siki biasana maké fungisida dina siki, beuti, akar Cangkok, propagatif jeung organ séjén, pikeun maéhan jamur dina bahan nu bakal dipelak na nangtayungan pepelakan ngora tina cendawan patogén.[1] Sajaba ti éta, ngagunakeun fungisida bisa dipaké ku suntik dina sirung, nu cair semprot langsung, jeung dina bentuk fumigan (gas nu disemprotkeun).[1]

  1. a b c d McGrath, M.T. 2004. What are Fungicides. The Plant Health Instructor. DOI: 10.1094/PHI-I-2004-0825-01

From Wikipedia, the free encyclopedia · View on Wikipedia

Developed by Nelliwinne