Standar telepon mobil jeung data |
Kulawarga GSM / UMTS
|
2G |
3G |
Pre-4G |
Kulawarga cdmaOne / CDMA2000
|
2G |
3G |
Pre-4G |
Tehnologi sejen
|
0G |
1G |
2G |
Pre-4G |
Pita frékuénsi
|
Global System for Mobile communications (GSM: asalna mangrupa singketan tina Groupe Spécial Mobile) nyaéta standar paling populér pikeun telepon sélulér (atawa telepon mobil) di sakuliah dunya. Asosiasi GSM, ngira-ngira yén 82% tina pasar telepon sélulér di dunya ngagunakeun standar ieu[1]. GSM digunakeun ku leuwih ti 2 miliar jelema di leuwih 212 nagara jeung wewengkon husus.[2][3]
Kahadiranana anu di mana-mana (basa Inggris: ubiquity) ngajadikeun roaming internasional ilahar antara para operator telepon sélulér, anu ngamungkinkeun para langganan ngagunakeun telepon di réa patempatan di dunya. GSM béda jeung téknologi anu leuwih ti heula lantaran kanal signalling katut kanal sora (ucapan) boga kualitas telepon digital, antukna disebut sistem telepon sélulér generasi kadua (2G).
Digunakeunana standar GSM di sakuliah dunya geus nguntungkeun pikeun para pamakéna lantaran meunangkeun kamampuhan pikeun roaming sarta pindah operator tanpa ngaganti telepon. Sedengkeun pikeun operator jaringan, standar GSM nguntungkeun lantaran bisa milih alat ti rupa-rupa pabrik anu ngagunakeun standar GSM)[4]). GSM ogé geus naratas alternatif béaya rendah pikeun telepon sora, nyaéta Short message service (SMS, atawa disebut ogé "pesen singket"), anu kiwari dirojong ogé ku standar-standar telepon sélulér lianna.
Kaol (vérsi) standar anu leuwih anyar tetep bisa diterapkeun (kompatibel) kana jaringan telepon GSM anu geus aya. Conto standar kasebut nyaéta vérsi Release '97 anu nambahkeun kamampuhan data pakét, ku cara maké General Packet Radio Service (GPRS). Conto lianna nyaéta Reléase '99 anu nawarkeun pangiriman data kalayan laju anu leuwih gancang ku cara ngagunakeun Enhanced Data Rates for GSM Evolution (EDGE).