République Gabonaise Républik Gabon |
||||||
---|---|---|---|---|---|---|
|
||||||
Motto "Union, Travail, Justice" ("Kahijian, Gawé, Kaadilan") |
||||||
Lagu La Concorde |
||||||
![]() |
||||||
Ibu kota (jeung kota panggedéna) | Libreville | |||||
Basa resmi | Basa Perancis | |||||
Démonim | Gabonese, Gabonaise | |||||
Pamaréntah | Républik présidénsial | |||||
- | Présidén | Brice Oligui | ||||
- | Perdana Mentri | Alain Claude Bilie By Nze | ||||
Kamerdikaan | ||||||
- | ti Perancis | 17 Agustus 1960 | ||||
Aréa | ||||||
- | Total | 267.667 km² (ka-76) 103.347 mil² |
||||
- | Cai (%) | 3,76% | ||||
Populasi | ||||||
- | Perkiraan 2009 | 1.475.000[1] (ka-150) | ||||
- | Kapadetan | 5,5 /km² (ka-216) 14,3 /mil² |
||||
GDP (PPP) | Perkiraan 2010 | |||||
- | Total | $22,478 milyar[2] | ||||
- | Per kapita | $15.020[2] | ||||
GDP (nominal) | Perkiraan 2010 | |||||
- | Total | $13,056 milyar[2] | ||||
- | Per kapita | $8.724[2] | ||||
HDI (2010) | ![]() |
|||||
Mata uang | Franc CFA Afrika Tengah (XAF ) |
|||||
Zona wanci | WAT (UTC+1) | |||||
- | Usum panas (DST) | teu kaobsérvasi (UTC+1) | ||||
TLD Internét | .ga | |||||
Kode telepon | +241 |
Gabon (palapalan basa Perancis: [ɡabɔ̃]), resmina Républik Gabon (Basa Prancis: République Gabonaise) mangrupa hiji nagara di Afrika tengah kulon, tepung wates jeung Guinea Khatulistiwa di kalér-kulon, Kamerun di kalér, sarta jeung Républik Kongo dina wétan jeung kidul. Teluk Guinea, hiji bagian ti Samudra Atlantik, aya di kulon. Ibu kota jeung kota panggedéna nyaéta Libreville.
Ti kamerdikaanna ti Perancis dina 17 Agustus 1960, Gabon geus diluluguan ku 3 présidén. Di awal 1990-an, Gabon maké sistem multi-partéy jeung hiji konstitusi démokrasi anyar nu ngidinkeun hiji prosés pamilihan nu leuwih transparan jeung ngarobih raloba institusi pamaréntahan. Gabon ogé jadi salah sahiji anggota non-permanén Déwan Kaamanan Pasarikatan Bangsa-Banga pikeun wayah 2010-2011. Kapadetan populasi nu saeutik bareng jeung sumber daya alam nu loba sarta invéstasi swasta asing geus nulungan Gabon jadi salah sahiji nagara pangmakmurna di Afrika Sub-Sahara, kalawan HDI nu pangluhurna kaopat[4] jeung GDP per kapita (PPP) nu panggedéna katilu (sanggeus Gunea Khatulistiwa jeung Botswana) di wewengkonna.