Gaya basa (Sunda)

Gaya basa nyaéta rakitan basa (kalimah) anu dipaké sangkan bisa nimbulkeun pangaruh (éfék) anu leleb karaosna ka nu ngaos atawa nu ngupingkeun, ku jalan ngabandingkeun hiji barang jeung barang sanésna. Gaya basa, ceuk istilah séjén, mangrupa plastis-stilistik, nyaéta lamun dipaké nyarita atawa dilarapkeun dina kalimah, éstu matak jadi mamanis basa, écés témbrés beunang rasa basana.



From Wikipedia, the free encyclopedia · View on Wikipedia

Developed by Nelliwinne