Gedung Kologdam nyaéta wangunan kolonial di Bandung. Dina taun 1920-an, Gedung Kologdam dijadikeun ajang Jaarbeurs de Bandung (pameran dagang taunan). Komplek wangunan ieu katut pendopona ayeuna geus dirobah jadi Markas Komando Pendidikan dan Pelatihan Komando Daerah Militer III/Siliwangi.
Wangunan jeung komplek sakurilingna dirancang ku Wolff Schoemaker, arsiték anu kasohor di Hindia Walanda. Wangunan ieu diwangun taun 1920 sarta dijadikeun lokasi utama kanggo acara Jaarbeurs de Bandung. Pameran dagang munggaran dilaksanakeun ti 20 Méi nepi ka 3 Juni 1920, satuluyna unggal bulan Juni jeung Juli.[1] Rupa-rupa konférénsi jeung paméran ti rupa-rupa industri di Priangan jeung sabudeureunana diayakeun di ieu kompleks.