Gegetuk

Gegetuk

Gegetuk mangrupa salah sahiji kadaharan nu ilahar di tatar Sunda, tapi asalna mah ti wewengkon Jawa Tengah.[1][2] Gegetuk nyaéta kadaharan nu dijieunna tina sampeu jeung gula kawung nu biasana dipidangkeun maké parudan kalapa.[2] Biasana gegetuk loba kapanggih di pasar, aya ogé nu ngajualna maké gorobag surung.[3]

Gegetuk miboga loba nutrisi nu alus keur awak urang, salah sahijina karbohidrat jeung serat nu luhur.[3] Kadaharan nu miboga serat luhur mangpaat pisan pikeun kaséhatan, kayaning nurunkeun tekanan darah, nurunkun kadar kolesterol jeung ngalancarnakeun saluran cerna.[3]

  1. Rigg, Jonathan (1862). A Dictionary of the Sunda Language of Java. Universitas Harvard: Bataviaasch Genootschap van Kunsten en Wetenschappen. p. 192. Diakses tanggal 15 Desember 2019. 
  2. a b "Getuk Camilan Khas Jawa Tengah | Informasi wisata Indonesia". indonesiawow.com (dalam en-US). Diakses tanggal 2017-10-19. 
  3. a b c "Getuk Kembali Naik Daun di Instagram". CNN Indonesia. Diakses tanggal 2017-10-19.  Archived 2017-06-04 di Wayback Machine

From Wikipedia, the free encyclopedia · View on Wikipedia

Developed by Nelliwinne