Guåhån Guam |
||||||
---|---|---|---|---|---|---|
|
||||||
Motto "Where America's Day Begins" |
||||||
Lagu Fanohge Chamoru |
||||||
![]() |
||||||
Ibu kota | Hagåtña | |||||
Basa resmi | basa Inggris jeung basa Chamorro | |||||
Grup étnis | 39% Chamorro, 26.3% Pilipina, 11.3% Pasifik, 6.9% Bodas, 6.3% urang Asia lian, 2.3% nu lian, 9.8% Campuran[1] | |||||
Démonim | Guamanian | |||||
Pamaréntah | ||||||
- | Présidén | Barack Obama | ||||
- | Gubernur | Eddie Calvo | ||||
- | Gubernur Létnan | Ray Tenorio | ||||
Aréa | ||||||
- | Total | 541,3 km² (ka-190) 209 mil² |
||||
- | Cai (%) | tiasa teu dipadulikeun | ||||
Populasi | ||||||
- | Perkiraan 2009[2] | 178.000 (ka-181) | ||||
- | Sénsus 2000 | 154.805 | ||||
- | Kapadetan | 320 /km² (ka-37) 830 /mil² |
||||
GDP (PPP) | Perkiraan 2000 | |||||
- | Total | $2,5 milyar (pakr. 2005)1 (ka-167) | ||||
- | Per kapita | $15.000(pakr. 2005)1 | ||||
Mata uang | Dolar Amérika Sarikat (USD ) |
|||||
Zona wanci | Wanci Standar Chamorro (UTC+10) | |||||
TLD Internét | .gu | |||||
Kode telepon | +1-671 | |||||
1 | pakiraan 2000. |
Guam (/ˈɡwɑːm/ ( dangukeun); basa Chamorro: Guåhån) mangrupa hiji téritori nu kaorganisasi, teu kagabung ti Amérika Sarikat, aya di Samudra Pasifik. Guam mangrupa hiji ti lima Téritori Amérika Sarikat kalawan hiji pamaréntahan sipil.[3][4] Guam didaptarkeun salaku hiji ti 16 téritori tampa pamaréntahan sorangan ku Komite Dékolonisasi Istiméwa ti Pasarikatan Bangsa-Bangsa.[5] Ibu kotana nyaéta Hagåtña (baheula Agaña). Guam mangrupa bagian nu panggedéna jeung pangkidulna ti Kapuloan Mariana.
Urang Chamorro, padumuk asli Guam, kahijina cicing di pulo ieu kira-kira 4.000 taun baheula.[6] Dipanggih ku Ferdinand Magellan nalika ékspédisi Spanyol dina 6 Maret 1521, koloni nu kahiji diwangun dina 1668 ku Spanyol kalawan datangna padumuk kaasup Padre San Vitores, hiji misionaris Katolik. Pulo ieu dikawasaan ku Spanyol nepi ka 1898, basa ditingker ku Amérika Sarikat dina Perang Amérika Spanyol jeung teras resmina dibéré, salaku bagian ti Traktat Paris.