Hindia-Walanda

Peta wilayah Karajaan Kolonial Belanda, kaasup daerah jajahanna

Hindia-Walanda (Basa Walanda: Nederlands-Indië) nyaéta hiji wilayah jajahan Walanda nu diaku ku hukum de jure jeung sacara kanyataannade facto. Pamingpin nagara Hindia-Walanda nyaéta Ratu/Raja Walanda, nu pancén gawéna dicekel sapinuhna ku saurang Gubernur-Jendral.

Wates Hindia-Walanda jeung nagara sabudeureunna ditangtukeun ku sababaraha kasapukan anu sohéh. Pihak-pihak anu miluan kasapaukan éta di antawisna: Karajaan Walanda, Karajaan Sarawak (protektorat Inggris di handapeun wangsa Brooke "the White Rajah"), Borneo Kalér Britania (Sabah), Karajaan Portugis (Timor Portugis), Kakaisaran Jerman (Papua Nugini Kalér), Karajaan Inggris (Papua Nugini Kidul).[1]

Sanaos sabagéan ageung Hindia Walanda mangrupikeun bagian tina Indonésia, henteu sadayana Hindia Walanda mangrupikeun bagian tina Indonésia. Dumasar kana Perjangjian Inggris-Walanda 1824, Walanda geus nyerahkeun Walanda Malaka ka Inggris, nu saméméhna kungsi jadi gubernur di Hindia Walanda. Ieu parantos ngahijikeun pamaréntahan modérn ka nagara Melaka, Malaysia.

Hindia-Walanda ogé mangrupa wilayah nu kacutat dina jero Undang-Undang Karajaan Walanda taun 1814 nyaéta wilayah kadaulatan Karajaan Belanda, nu dirombak dina taun 1848, 1872, jeung 1922 numutkeun paobahan nu lumangsung di wilayah Hindia-Walanda.

Hindia-Walanda baheulana nyaéta hiji jajahan Walanda, nu ayeuna disebut Indonésia. Jajahan Walanda ieu mimitina mangrupa wilayah nu dipimilik ku Vereenigde Oostindische Compagnie (atawa VOC) nu sababarahana nyaéta Jawa jeung Maluku ogé sababaraha wewengkon séjénna ti mimiti abad ka-17. Sanggeus VOC dibubarkeun dina taun 1798, kabéh wilayah milik VOC ngagésér jadi milik pamaréntah Républik Batavia.

Dina taun 1900 ngan pulo Jawa nu sakabéhna milik Walanda. Tuluy, dina taun-taun sanggeusna kabéh wewengkon séjén di Nusantara ditaklukkeun atawa “dipasifikasi" (didaméykeun). Dina puncakna, taun 1942, Hindia-Walanda mipiboga kabéh wewengkon Indonésia jaman kiwari. Timor Wétan teu kungsi dipimilik ku Walanda. Salian ti éta, dayeuh Malaka, Taiwan, Sri Lanka kungsi dipimilik ku VOC jeung pamaréntah Walanda.

Dina kaping 17 Agustus 1945, kamerdékaan Indonésia dibéwarakeun. Walanda teu panuju jeung merangan para pajoang kamerdékaan. Tuluy, dina kaping 27 Désémber 1949, kadaulatan Indonésia karék dipanujuan ku Walanda. Papua kulon (ayeuna provinsi Papua jeung Papua Kulon) masih kénéh dicekel ku Walanda nepi ka taun 1961.

Ditarjamahkeun tina [1].

  1. Gelder, W. van (1897). Dari Tanah Hindia berkoeliling boemi: kitab pengadjaran ilmoe boemi bagi sekola anak negeri di Hindia-Nederland. National Library of the Netherlands: J.B. Wolters. p. 69. ISBN 9789797598761. Diakses tanggal (disungsi – 21 Januari 2025). 

From Wikipedia, the free encyclopedia · View on Wikipedia

Developed by Nelliwinne