Huntu

Huntu

Huntu mangrupa wangun anu aya dina rahang/caréham lolobana vertebrata. Guna huntu anu utama nyaéta pikeun nyewir/nyoéh jeung ngagayem dahareun, sarta, di sababaraha sato hususna karnivora, pikeun jogol atawa mertahankeun hirup. [1]

Huntu téh kaasup salah sahiji ciri pangbéda pikeun -spésiés mamalia katut fosilna. Para ahli paléontologi ngagunakeun huntu pikeun nangtukeun spésiés fosil katut pancakakina, ku sabab bentuk huntu mah luyu jeung kadaharan mangkelukna. Pikeun conto, dahareun tina tutuwuhan mah hésé dicerna, ku kituna hérbivora boga loba geraham pikeun ngagayem. Sabalikna, karnivora nu kadaharanana daging butuh sihung pikeun maéhan jeung nyewiran daging.

Béda jeung manusa nu huntuna mekar jadi dua pasang sapanjang hirupna (diphyodont), sasatoan mah aya nu monophyodont, aya ogé anu polyphyodont. Hiu, pikeun conto, huntuna téh jadi unggal dua minggu. Béda deui jeung sato pangokos, huntu sato golongan ieu mah huntuna terus-terusan tumuwuh, antukna kudu salawasna dipaké ngokosan.

  1. Huntu

From Wikipedia, the free encyclopedia · View on Wikipedia

Developed by Nelliwinne