ISO 639-3:2007, Nyaéta kodeu pikeun ngagambarkeun ngaran-ngaran tina rupa-rupa basa anu aya dina;– Part 3: Alpha-3 kode anu lengkep dina wengkuan basa, mangrupa standar internasional pikeun kodeu basa dina runtuyan ISO 639. Éta netepkeun kode tilu hurup pikeun ngaidéntipikasi basa. Standar ieu dipedalkeun ku International Organization for Standardization (ISO) dina 1 Pébruari 2007.[1]
ISO 639-3 ieu ngamekarkeun tina ISO 639-2 alpha-3 kodeu kalawan tujuan pikeun meungkeut sakabéh basa alami anu dipikanyaho. Tambah legana wengkuan basa utamana dumasar kana kode basa anu digunakeun dina Ethnologue (volumes 10–14) dipedalkeun ku SIL International, nu kiwari salaku otoritas pendaptaran pikeun ISO 639-3. [2] Nyadiakeun enumerasi basa sakumaha lengkep sabisa-bisa, kaasup nu hirup jeung tumpur, kuno jeung kiwari, utama jeung leutik, ditulis jeung teu ditulis.[1] Anu mana, éta teu kaasup basa dirékonstruksi sapertos Proto-Indo-European.[3]
ISO 639-3 dimaksudkeun pikeun pamakéan salaku métadata kode dina rupa-rupa aplikasi. Hal ieu loba dipaké dina komputer jeung sistem informasi, sapertos Internét, dimana loba basa perlu didukung. Dina arsip jeung neundeun inpormasi séjén, dipaké dina sistem katalog, dina nuduhkeun ngeunaan naon basa sumber. Kodeu ogé sering dianggo dina linguistik sastra jeung tempat séjénna pikeun ngimbangan kanyataan dimana ngaran basa bisa jadi teu jelas atawa ambigu.
Téangan basa |
---|
Eusikeun Kodeu ISO 639-3 pikeun manggihan artikel basa nu pakait. |