Inflasi nyaéta proses ngaronjatna harga sacara umum, anu nuluy sarta miboga hubungan jeung mékanisme pasar[1]. Inflasi bisa dilantarankeun ku sababaraha faktor, di antarana konsumsi masarakat anu ningkat, likuiditas anu teu saimbang, jeung prosés distribusi barang anu teu lancar[1]. Ékonomi hiji nagara bisa dianggap keur inflasi lamun harga di pasar tuluy naék, sarta silih mangaruhan jeung hal séjénna[1]. Pikeun ngukur laju inflasi, bisa ngagunakeun téhnik Indeks Harga Konsumen (IHK) jeung Deflator PDB[1].