Jabir bin Hayyan | |
---|---|
![]() Potrét "Geber" ti abad ka-15 Éropa, Codici Ashburnhamiani 1166, Biblioteca Medicea Laurenziana, Florence | |
Citakan:Infobox officeholder/office
Citakan:Infobox officeholder/office Citakan:Infobox officeholder/office Citakan:Infobox officeholder/office | |
Gelar | Bapa Kimia |
Pribadi | |
Gumelar | Abu Musa Jabir bin Hayyan c. 721 M Tus, Khorasan, Kakalipahan Umayyah[1] |
Pupus | c. 815 M |
Agama | Islam |
Zaman | Zaman Kajayaan Islam |
Katarikan utama | Alkimia jeung Kimia, Astronomi, Astrologi, Tatamba jeung Farmasi, Filsafat, Fisika, Filantropis |
Karya kasohor | Kitab al-Kimya, Kitab al-Sab'een, Book of the Kingdom, Book of the Balances, Book of Eastern Mercury, etc. |
Jabatan senior | |
Kapangaruh ku
| |
Mangaruhan
|
Abū Mūsā Jābir bin Hayyān (basa Arab/Pérsia جابر بن حيان, mindeng disebut ogé ku nisbah, al-Azdi, al-Kufi, al-Tusi, atawa al-Sufi; hirup c. 721 – c. 815 M),[2] nyaéta jalmi nu disangkakeun[3] panulis ti karya basa Arab nu loba pisan jumlahna jeung jenisna nu mindeng disebut korpus Jabir.[4] Lingkup ieu korpus téh lega jeung rupa-rupa topikna, di antarana alkimia, kosmologi, numerologi, astrologi, tatamba, sihir, mistisisme, jeung filsafat.[5] Manéhna kawentar minangka bapa[6][7][8] atawa nu ngadegkeun kimia awal, ku sabab geus nyiptakeun loba prosés dasar jeung paralatan nu masih kénéh digunakeun ku ahli kimia kiwari.[9]
Ti abad ka-10, idéntitas jeung korpus karya Jabir nu benerna geus jadi pasalisihan dina kalangan Islam.[10] Panalungtik modérn ogé cangcaya ka kapangarangan kasaluruhan karya éta ku hiji tokoh, jeung malah ayana Jabir dina sajarah.[3][11] Gentosna, Jabir bin Hayyan leuwih ditingal salaku pseudonim "kapanulisan handap taneuh" ku sababaraha pangarang nu jadi sumberna.[12]
Ngaranna dilatinkeun jadi "Geber" dina Kristen Kulon jeung dina abad ka-13 Éropa, aya pangarang anonim, biasana disebut Geber–Semu, nyiptaken tulisan alkimia jeung metalurgi dina ngaran péna Geber.[13]
<ref>
tidak sah;
tidak ditemukan teks untuk ref bernama Haq1995