Jagong

Jagong
Jagong
Klasifikasi ilmiah
Karajaan:
(unranked):
(unranked):
(unranked):
Ordo:
Kulawarga:
Génus:
Spésiés:
Z. mays
Ngaran binomial
Zea mays ssp. mays
Zea mays "Ottofile giallo Tortonese”

Jagong(Ind: Jagung; latin: Zea mays) nyaéta tutuwuhan anu ngandung siki, daunna sok dipaké maraban ingon-ingon, buahna anu gora dijieun lalab atawa sayur, buahna nu geus garing ogé bisa diawétkeun jadi emping. Jagong anu anyar dipetik biasana dikulub atawa dibeuleum, bisa ogé diseupankeun sarua jeung sangu atawa dicampurkeun jeung sangu (sangu jagong).[1] Dumasar timuan génetik, antropologi, jeung arkéologi kanyahoan yén jagong téh asalna ti Amérika Tengah ([[Méksiko bagian kidul). Budidaya jagong geus dilakonan di ieu daérah ti 10.000 katukang, tuluy téknologi ieu téh dibawa ka Amerika Kidul (Ekuador) kurang leuwih 7000 taun ka tukang, sarta nepi ka wewengkon pagunungan di kiduleun Péru 4.000 taun ka tukang.[2]

  1. Ajip Rosidi, dkk (2000) Ensiklopedi Sunda: Alam, Manusia, Budaya (Termasuk Budaya Betawi dan Cirebon). Jakarta: Pustaka Jaya.
  2. ilikan http://news.nationalgeographic.com/news/2006/03/0302_060302_peru_corn.html disalin tanggal 17 Agustus 2011

From Wikipedia, the free encyclopedia · View on Wikipedia

Developed by Nelliwinne