Alfabét Latin
|
Jalan Braga (aksara Sunda: ᮏᮜᮔ᮪ ᮘᮢᮌ, di tanda jalan ditulis ᮏ᮪ᮜ᮪ ᮘᮢᮌ) salah sahiji ngaran jalan nu kasohor di Kota Bandung.[1] Taun 1900-an, Jalan Braga masih mangrupa jalan taneuh kalawan tatangkalan di sisi-sisina sarta imah-imah nu diwangun dina gaya Hindia Timur.[1]
Kirang leuwih taun 1920-an, jalan Braga mekar tur robah jadi komplék toko Eropa nu kawentar di Hindia Walanda.[2] Di éta daérah aya hotel, réstoran, jeung toko-toko lianna nu nyadiakeun rupa-rupa kabutuhan masarakatna.[1] Ti mimiti masarakat Indo-Walanda jeung Walanda nu miboga toko ninggalkeun Braga dina taun 1957, ieu daérah kawilang tiiseun pisan.[1] Tug nepi ka kiwari, kamekaran kota Bandung ngabalukarkeun raména daérah-daérah di Bandung jadi kabagi-bagi.[1] Lobana komplék toko-toko anyar nyababkeun Braga kapopohokeun ku masarakatna, nepi ka taun 2005 mah, 45 persén nu boga usaha di daérah Braga bangkrut.[1]