Jalur Utama Takayama (高山本線 Takayama Honsen?) nyaéta jalur kareta di Jepang antara Stasion Gifu, Gifu jeung Toyama Station, Toyama, dioperasikeun ku Central Japan Railway Company (JR Central) jeung West Japan Railway Company (JR West). Jalur langsung nu ngahubungkeun metropolitan Nagoya jeung wewengkon Hokuriku, tapi leuwih gancang maké Tōkaidō Shinkansen jeung Jalur Utama Hokuriku keur pindah antara dua wewengkon ieu. Kiwari fungsi utama ieu jalur nyaéta jalur pariwisata keur wewengkon Hida di kalereun Gifu, saperti Gero onsen (hot spring), Takayama, Shirakawa-gō, atawa Nihon Rain (Kiso River). Bagéan munggaran jalur ieu, antara Gifu and Kagamigahara, dibuka taun 1920, sakabéh jalur rengse dina taun 1934.
Antara taun 2004 nepi ka 8 Séptémber 2007 bagéan antara Tsunogawa jeung Inotani ditutup sabab ruksak katarajang banjir ku Typhooon Tokage.[1]