Jampang atawa Pajampangan nyaéta ngaran nu leuwih lega pikeun nyebutkeun wewengkon kidul Kabupatén Sukabumi ogé sawatara kacamatan di Kabupatén Cianjur lebah kidul. Wewengkon nu dimaksud ti tungtung kulon nu wawatesan jeung Palabuanratu terus mayakpak wawatesan jeung samudra Hindia nepi ka tungtung wétan Cidaun. Kamungkinan wewengkon Jampang Kuna leuwih lega batan wewengkon Jampang kiwari, sarta ieu wewengkon Jampang téh mangrupa tilas kakawasaan Karajaan Jampang Manggung jeung Karajaan Agrabintapura. Sok sanajan kitu, dina pamakéan ngaran wewengkon sacara administratif pamaréntahan kiwari mah istilah Jampang téh ngan dipaké ku dua kacamatan di Kabupatén Sukabumi, nyaéta Kacamatan Jampang Kulon jeung Jampang Tengah. Pajampangan kawilang carang pangeusina sarta waragadna masih euyeub ku leuweung-leuweung geledegan. Masarakat nu dumuk di wewengkon Pajampangan ilahar disebut Urang Jampang.