Lagu: Kimi ga Yo (君が代?) | |
Ibukota | Tokyo1 |
Kota panggedéna | Tokyo |
Basa resmi | Teu aya |
Pamaréntahan | Nagara kahijian Sistim parleméntér Monarki konstitusional |
- Kaisar | Naruhito (徳仁) |
- Perdana Mentri | Fumio Kishida (岸田 文雄) |
Sajarah Jepang | |
- National Foundation Day | 11 Pébruari, 660 SM3 |
- | 29 Nopémber 1890 |
- | 3 Méi 1947 |
- | 28 April 1952 |
Wewengkon | |
- Total | {{{area}}} km² (62nd) |
{{{areami²}}} sq mi | |
- Cai (%) | 1.4 |
Populasi | |
- Perkiraan taun 2021 | 125,360,000 (11th) |
- Sénsus taun 2020 | 126,226,568 |
- Kapadetan | {{{population_density}}}/km² (30th) {{{population_densitymi²}}}/sq mi |
GDP (PPP) | 2021 (éstimasi) |
- Total | $5.586 trillion2 (3rd) |
- Perkapita | $44,5852 (27th) |
HDI (2007) | 0.953 (8th) – high |
Mata uang | Yen (¥)/円
|
Wewengkon wanci | JST (UTC+9) |
Internét TLD | .jp |
Kode telepon | +81
|
Jepang (Nippon/Nihon 日本 déngékeun nyaéta salah sahiji nagara kapuloan di Asia Wétan. Ayana di Samudra Pasifik, wates beulah wetan Cina, Koréa jeung Rusia, sumebar ti mimiti Laut Okhotsk di kaler nepi ka Laut Cina Wétan di kidul. Kanji nu nyieun ngaran Jepang hartina "asal-panonpoé", ku sabab Jepang kadangkala dianggap sabagé "Taneuh tempat bijil panonpoé".
Jepang kasusun ku 3,000 pulo-pulo,[1] nu mana pulo-pulo gedéna nyaéta Honshū, Hokkaidō, Kyūshū jeung Shikoku, nu mangrupa 97% daratan. Lolobana ieu pulo kasusun ku pagunungan, tur masih gunung seuneu; contona, gunung tangjangkung di Jepang, Gunung Fuji, nyaéta hiji gunung aktif. Jepang nomer sapuluh populasina di dunya, kira-kira 128 juta jiwa. Wewengkon Megapolitan Tokyo, nu ngawengku ibukota Tokyo jeung préféktur sabudeureunna, wewengkon metropolitan panggedéna sadunya, leuwih ti 30 juta panghuni.
Panalungtikan Arkéologi nembongkeun yén kahirupan di pulo-pulo Jepang geus aya dina période Paléolitik Luhur. Dumasar kana catetan ngeunaan Jepang dina buku sajarah Sajarah China ti abad kahiji SM (Saméméh Maséhi).
Pangaruh luar nu diteruskeun ku période isolasi nu panjang mangrupa salah sahiji ciri sajarah Jepang. Saprak maké konstitusi dina taun 1947, Jepang ngagunakeun konstitusi monarki nagara bagian ku ayana kaisar jeung parlemén nu dipilih, Parlemén Jepang.
Kakuatan ekonomi utama,[2] Jepang nomer dua ékonomina dumasar kana gedéna GDP. Jepang ogé anggota PBB, G8, G4 jeung APEC, sarta no lima anggaran pertahananna. Jepang ogé nomer opat nagara nu ékspor sarta nomer genep nagara nu impor sarta mingpin dina téknologi jeung permesinan.
<ref>
tidak sah;
tidak ditemukan teks untuk ref bernama ciawfbjapan