Kabubuahan

Kabubuahan atawa Ginjal atawa Ginjel nyaéta organ ékskrési nu bentukna kawas kacang na vertebrata. Bagéan tina sistem urin, kabubuahan nyaring runtah (utamana uréa) tina getih sarta miceun babarengan jeung cai salaku urin. Widang médis nu ngulik kabubuahan sarta kasakit nu mangaruhan kabubuahan disebut nefrologi.

Dina awak manusa, kabubuahan mangrupa dua organ nu aya di tukangeun abdomén, kénca katuhueun tulang tonggong, handapeun ati jeung limpa. Di luhureun masing-masing kabubuahan nyaéta kelenjar adrénal.

Kabubuahan sipatna rétroperitonéal, nu hartina aya tukangeun peritoneum nu ngabungkus rongga abdominal, luhurna kira-kira sapantar jeung tulang tonggong T12 nepi ka L3. ku sabab ayana ati, kabubuahan nu katuhu perenahna leuwih handap batan nu kénca. Bagian luhur kabubuahan kajaga ku rusuk ka-11 jeung -12.

Gambar beulahan kabubuahan

From Wikipedia, the free encyclopedia · View on Wikipedia

Developed by Nelliwinne