Kamus

Kamus

Kamus nyaéta buku anu nerangkeun hiji-hijina kecap.[1] Kamus miboga fungsi pikeun nambahan pangaweruh hiji jalma ngeunaan kandaga kecap ti mimiti harti kecapna, asal-usulna (etimologi) hiji kecap tug nepi ka cara ngagunakeun éta kecap.[2] Kecap kamus asalna tina basa Arab qamus (قاموس) kalawan wangun jama'na qawamis.[1] Kecap qamus sorangan asalna tina basa Yunani Ωκεανός (okeanos) nu miboga harti sagara.[3]

  1. a b Danadibrata,R.A. 2006. Kamus Basa Sunda. Bandung:PT Kiblat Utama Kaca 314
  2. Mengenal Kamus Sunda Archived 2011-09-05 di Wayback Machine (id) (Diakses tanggal 20 September 2011)
  3. Ibrahim Ahmad.1994.Perkamusan Melayu Suatu Pengenalan.Kuala Lumpur:Dewan Bahasa dan Pustaka (id)

From Wikipedia, the free encyclopedia · View on Wikipedia

Developed by Nelliwinne