Kapundung | |
---|---|
Buah kapundung (menteng) | |
Klasifikasi ilmiah | |
Karajaan: | |
Divisi: | |
Kelas: | |
Ordo: | |
Kulawarga: | |
Tribus: | |
Subtribus: | |
Génus: | Baccaurea |
Spesies | |
|
Kapundung atawa ménténg (utamana Baccaurea racemosa (Reinw.) Muell. Arg.; ogé B. javanica sarta B. dulcis) nyaéta tutuwuhan panghasil buah anu bisa didahar.[1] Sakolébatan buah kapundung téh sarupa jeung buah dukuh ngan tajugna béda. Rasana buah kapundung biasana haseum sanajan aya ogé anu amis.[2]
Baheula kapundung ilahar dipelak di pakarangan tapi ayeuna geus hésé ditimukeun alatan kadéséh ku jalam nu nyicingan lahan sarta pepelakan buah séjén anu leuwih dipikaresep.[1] Tuwuhan ieu asli ti Pulo Jawa. Di Bandung, ngaran kapundung dijadikeun ngaran walungan gedé nu meulah ieu kota.<ref name=Umberto> Sedengkeun di wewengkon Jakarta, Bogor jeung Bekasi, ngaran ménténg dipaké ogé jadi ngaran jalan atawa wewengkon. Di Jakarta jeung Bogor malah mah sakapeung kawénéhan aya padagang buah ménténg atawa kapundung.[2]