Réa hal ngeunaan kaayaan pulitik sarta kaayaan géografi dina jaman karajaan kuno di India anu bisa diregepkeun dina kitab Mahabarata. Kitab Ramayana ogé bisa méré saeutik informasi. Saméméh ayana kitab Mahabarata, Rigveda ngawincik kaayaan pulitik sarta kaayaan alam dina mangsa India kuno. Sanggeus jaman Mahabarata lekasan, nyusul jaman Purana, nyaéta mangsa ditulisna kitab-kitab mitologi, anu ogé ngadadarkeun kaayaan pulitik sarta géografi dina kira-kira mangsa éta.
Iraha nangtungna karajaan-karajaan di India dina mangsa baheula henteu dipikanyaho kalawan écés sarta pasti, kalan-kalan disebut “jaman mitologi”. Jaman kaemasan India kuno nurutkeun data buhun rumentang salila milénium kahiji. Dina jaman prasejarah India, élmu pulitik dipercaya mecenghul babarengan jeung ditulisna Wéda anu kahiji, nyaéta Rigveda (kira-kira taun 1500 SM). Karajaan dina Ramayana mecenghul kira-kira taun 500 SM sarta dina Mahabarata kira-kira taun 400 SM. Karajaan kasebut lekasan mangsa mecenghulna Karajaan Maurya taun 321 SM.