Karajaan Walanda (Basa Walanda: Koninkrijk der Nederlanden ) nyaéta hiji nagara berdaulat anu mibanda wewengkon-wewengkon di Éropa Kulon (Walanda) jeung Karibia (Aruba sarta Antilles Walanda). Katilu bagian ieu meunang sebutan "nagara-nagara", sarta babarengan ngahariji dumasar sasaruaan minangka mitra dina karajaan. Sanajan kitu, posisi konstitusional maranéhanana henteu sarua. Kadua nagara Karibia ngabarogaan otonomi, sakumaha diatur dina Piagam Karajaan Walanda, anu mangrupa dokumén utama karajaan saprak taun1954. Piagam ogé méré hak ka Aruba sarta Antilles Walanda pikeun maréré pamadegan, lamun aya urusan anu mangaruhan maranéhanana sacara langsung.
Walanda diparéntah ku institusi karajaan anu disebutkeun dina Piagam, tapi pangaturan gawéna aya dina Konstitusi Karajaan Walanda. Konstitusi Karajaan Walanda nyaéta hukum pangluhurna karajaan nepi ka jeung taun1954. Saterusna dokumén kasebut tetep mangrupa asal ti mana institusi-institusi karajaan dimimitian, sarta (luyu artikel 5 ti Piagam) mangrupa bagian pangbadagna dina pangaturanana. Alatan nepi ka ayeuna euweuh institusi anyar anu dijieun ku karajaan, mangka Walanda tetep ngajalankeun urusan-urusan internal sarta eksternalna luyu kapasitas dokumén kasebut pikeun Karajaan Walanda.
Suriname nyaéta nagara konstituen di jero karajaan, dina mangsa antara 1954-1975. Sanggeus mangsa kasebut, manéhna saterusna jadi republik anu merdika. Aruba geus nagara konstituen anu terpisah ti karajaan saprak 1986. Nugini Walanda nyaéta wewengkon dependensi karajaan ieu nepi ka kalayan 1962, tapi lain minangka nagara otonom.