Kawah Putih mangrupa salah sahji tempat wisata di Bandung anu paling populér.[rujukan?] Objék wisata nu hiji ieu, bisa di aksés ti Jl.Raya soréang-Ciwidéy, jeung lokasina teu jauh ti Situ Paténggang Ciwidéy. Ti pusat kota Bandung, jarakna kurang leuwih 50 km kiduleun Bandung. Sacara géografis, Kawah Putih aya di kawasan pagunungan anu jangkungna dugi 2.400 meter dpl.[rujukan?] Teu héran mun hawa di aréa wisata Kawah Putih téh tiis jeung seger.[rujukan?] Hawa sapopoéna di Kawah Putih bisa tepi ka 8oC.[rujukan?] Matak, tong poho mawa jekét atawa sweater kandel. [rujukan?]