Kiripik jagong

Kiripik jagong

Ari kiripik jagong nyaéta kadaharan nu dijieun tina tipung jagong nu digoréng na minyak atawa digarang, biasana mah bentukna paranjang leutik atawa kotak rarubak atawa ogé jurutilu.[1] Kiripik jagong nu garing, nyakrék sarta rada kasar téksturna.[1] Ari kaambeuna, kiripik jagong mah seungit sarta rasa beuleum jagongna melenghir, jeung deuih sok dipurulukan uyah atawa samara husus.[1] Ari kiripik jagong sok didahar ogé dicoélkeun kana saos.[1]

  1. a b c d CMEC Food Machinery: Food Process Engineering, Fruit,Vegetable,Dairy, Packaging Equipment. Corn Chips Processing Archived 2015-07-28 di Wayback Machine. Ditempona tanggal 20 Mei 2017.

From Wikipedia, the free encyclopedia · View on Wikipedia

Developed by Nelliwinne